Advertisment
Ku : Abah Andy Gumilang, S.Pd
Rega beas ngajaul naek karasa pisan eungapna, husus pikeun Abah sakulawarga nu sapopoena ulukutek di sawah, di kebon, katut di reuma. Eta encan dibarung ku rega bahan poko sejenna, mani menit mikiranana oge. Hirup teh asa beuki ripuh kaalaman ku kulawarga Abah boh nu hirup di lembur atawa di pakotaaan, ku nerekelna rega beas katut sajumlah bahan poko, resiko kahirupan teh asa beuki beurat. Sedengkeun nu disebut patani teh sainget Abah mah aya dua macem nyaeta patani nu boga lahan garapan sorangan digarapna ku sorangan, aya oge patani pamolah jeung ngadon buburuh sebut wae buruh tani. Golongan patani leutik ku naekna harga beas teh ngarasa beurat.
Kangaranan hirup di lembur pakasaban teh taya lian kana tani. Boga sawah sacolek kitu ge sawah guludug, mun ditung- itung dibandingkeun modal nu dikaluarkeun jeung hasil nu kapetik, kiwari mah jauh tanah ka langit. Geura bae mimiti bibit parena, molah sawah, ngoyos atawa ngarambet, babad galeng, mapas diteruskeun kana nyingkal ngagaru, turug-turug ayeuna mah geus ku mesin nyingkal sarta ngagaru teh, jelas ngaluarkeun modal lain saeutik-eutik alias kudu boga modal gede. Lebah ngagemuk ngarasa seunggah, lantaran regana ge mahal kacuali nu subsidi, kitu ge tampolana mah ngalaman stok terbatas kalah loba nu teu kabagean. Obat-obatan jang ngabasmi hama ge regana lumayan.
Inget waktu Abah masih keneh budak, reregaan teh stabil, macul, tandur ge jaman harita mah di liliurkeun teu karasa eungap teuing nu jadi patani teh. Ngagemuk atawa ngaberak cukup ku gemuk kandang atawa gemuk kompos teu meuli meuli teuing. Ngabasmi hama nyieun obat hama tradisional, nutuan daun jaringao, ngumpulkeun cai kiih sato atawa cikiih budak, nutuan cangkang buah jengkol jeung disarupaning tutuwuhan sejenna, diracik jang nyemprot hama tea, estu nyobat jeung alam lain ukur babasan. Jaman harita nu jadi bapa rengse macul ti sawah, ka imah teh tara lengoh, balik mawa tutungkusan eusina belut, lauk jeung gaang. Kitu deui nu jadi indung datang tandur atawa ngoyos teh tara lengoh sok mawa oleh-oleh saperti ; kini-kini, kuang-kuang, akeup-akeup sarta simeut. Oleh-oleh ti sawah teh terus dipasak di beuleum,digarang atawa dipais jang deungeun sangu. Kiwari kumaha ? Tutas mahabuna pamake gemuk jeung obat hama nu ngandung kimia, leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Sasatoan komunitas sawah murana.
Pikeun ngungkulan rega beas sarta bahan poko sejenna nu nerekel naek, pamarentah nyalurkeun paket beas murah, subsidi rega gemuk anorganik saperti orea jeung TSP, ngan kudu di data ti lingkungannana. Tarekah sejenna kacida hadena husus pikeun urang lembur ngahurip-hirupkeun deui lumbung sosial desa (LSD) pikeun cadangan mangsa paceklik. Lian ti eta para patani, mun ngagemuk atawa ngaberak biasakeun ngagunakeun gemuk (pupuk) kandang atawa gemuk kompos, nya kitu deui ngabasmi hama ku olahan obat tradisional saperti ku cara nyieun pepecing, ngarendos daun jaringao, cangkang jengkol jeung nu sejenna disemprotkeun kana pelak pare. Praklah ..!!!( Cipangeran mangsa hujan ngariricik 2024 )