Advertisment
KUNINGAN, (BK).-
Di alam pawenangan ieu teu aya kajantenan salian ti takdir
Allah, “lamaksuda ilallah” teukenging aya gerak salian ti rido Allah, urang
kedah ngiring jejak Rasulullah.
“Satiap sahurup kenging pahala kulantaran mirengkeun
lantunan ayat-ayat Allah. Tinangtu Allah bajal maparinan pahala ka sing saha
wae nu angkat nuju ilmu teras calik pikeun ngadangukeun. Sahiji hadis pahalana
sami sareng 100 rakaat sholat sunat. Sing saha jalmi anu ngalaksanakeun dawuhan
Allah sami sareng jalmi anu nuju memperkaya diri dina ibadah,” kitu kasauran
Ustadzah Hj Ooh., dina kajian Reboan lumangsung di Masjid Agung Syiarul Islam
Kuningan, Rabu (30/7/2025).
Dijentrekeun Hj Ooh, urang kedah syukuran, ku kituna urang
kedah bersyukur kana sagala rupi ciptaan Allah Swt. Sabab bentuk nu paling
sampurna makhluk Allah nyaeta iwal ti manusa. Lamun jalmi syukuran kana nikmat
Allah, maka eta jalmi janten insan kamil (jalmi nu sampurna). Kalih ti eta,
Islam (sebaik-bainya agama nyaeta Agama Islam). Seueur pisan nikmat nu kedah
disyukuri, kuayana nikmat nganut Agama Islam. Urang salaku umat Muhammad Saw (sebaik-baiknya
umat manusa nyaeta umatna Kangjeng Rasulullah) tur isteri anu taat ka caroge,
maka sawarga aya dina dampalna.
“Setiap perkara aya jalana, jalan eta peryogi ilmu (kunci
ibadah). Sing saha jalmi anu takwa ka Allah, maka bakal dicukupkeun urusan
dunya jeung akheratna,” cek Hj Ooh.
Sakumaha dawuhan Allah Subhanahu Wa Ta'ala berfirman:
وَا لسّٰبِقُوْنَ السّٰبِقُوْنَ
"Dan orang-orang yang paling dahulu (beriman),
merekalah yang paling dahulu (masuk surga)," (QS. Al-Waqi'ah 56: Ayat 10)
Anu kalebet jalmi-jalmi terdahulu nyaeta muqorobun (orang-orang
yang dimulyakan Allah). Jalan apapun yang mendapat rido Allah bakal jadi
barokah pikeun nu ngalaksanakeuna. Kukituna urang kedah istiqomah sateuacan
kulem maos Surah Yasin, nalika gugah tos beresih dosana. Saestuna amal sholeh
bakal ngahapus dosa.
Amal Nu Panghade
Dumasar kana katerangan amal nu pangaheda kayaning Sholat
(kunci tina sagala kasaean) pangsaena sholat saatosna sholat pardu nyaeta
sholat wengi. Shaum (puasa) pangsaena puasa saatosna puasa romadhon nyaeta
puasa di sasih-sasih Muharam. Sholat
witir 11 rakaat ngajamin rumah tanggana samawa. Dua rakaat sholat isroq
pahalana na setara haji umroh sempurna tilu kali. Sholat duha minimal dua rakaat bakal digampilkeun sagala rupi urusan.
Tiasa 4 rokaat, 6 rakaat kalebet jalmi takwa, bakal digampilkeun sakaratul maut
atawa 8 rakaat bakal dimulyakeun sareng kabagjaan dunya akherat.
“Pamugi Allah Swt teu weleh maparin kagampilan kanggo urang
sadaya enggoning ngalaksanakeun sagala rupi ibadah kalayan istiqomah,” pugkas
Hj Ooh. (HEM/Nok Nel’S/BK)