Advertisment
![]() |
(Abah Gaul/Abah Gejul) |
Kecap runtah geus carang diucapkeun, diganti ku kecap sampah, enya rek kecap runtah rek kecap sampah kasawang ku urang pabaliutna kukurutan. Keur baheula mah runtah teh ukur kukurutan dangdaunan, aya oge beusi jeung beling, tapi tibarang mahabuna plastik runtah jadi nambahan kiwari runtah didominasi ku plastik. Dina nyanghareupan kanyataan sarupa kitu anu perlu teh kasadaran miceun runtah. Mangrupa kamlimah slogan ditarulis ditempat umum “ Buanglah sampah pada tempatnya “,” Dilarang buang sampah disini !”, “Ciptakan lingkungan bebas sampah”,” Kebersihan sebagaian dari iman “,”Bersih itu sehat”,” Kebersihan Pangkal Kesehatan “ jeung rea rea deui anu ditujul sangkan runtah runtah nu patulayah teh di perenahkeun sahingga henteu lingkungan henteu kotor. Eta kalimah atawa slogan teh pasti kabaraca kunu daratang ka eta tempat, tapi kanyataanna kumaha ?
Nu sadar mah mun manggih runtah teh sok neangan tong sampah, tapi ninggang dinu teu sadar eeehhh....onggkoh wae.....runtah di alungkeungkeun padu wae. Giliran dinu rieuh rieuh, contona dinu kariaan ( hajatan ) di helaran atawa kagiatan kumpulan pajemuhan sejenna sok tara dipikiran nyieun tempat runtah. Anu jelas mah nu boga imah atawa panitia hajat katempuhan kudu beberes. Lebah dieu meureun nu disebut kasadaran ti diri pribadi heula. Najan kumaha bae oge mun teu sadar kana pentingna miceun runtah kana tempatna, moal aya beresna lingkungan teh, komo mun boga pikiran miceun runtah ka walungan. Sujaang....! Piceun runtah Jig ! euuuh... ari kunu dititahna teh gampang we dialungkeun ka walungan. Kiwari Walungan teh jadi tempat anu strategis jang runtah. Harita inget wae zaman keur budak sok ngojay di leuwihcaina herang leuwina jero, lauk dipake mandi teh resep, malah kadituna sok dipake nguseup...meunang beunteur, kekel, lalawak jeung lauk lebak sejenna.
Zaman kiwari saban walungan geus salin jinis jadi enggon rutah, teu kolot teu budak teu awewe teu lalaki jigana walungan teh tujuan utrama miceun runtah. Teu dipungkir loba wawadahan tina plastik patulayah di jarian pipir leuwi, cai na kiruh ku limbah ti mana mana. Runtah plastik ambarayah, tambah deui ku pempes ( cangko kokotor ) dialungkeun teh ka walungan. Harianeun kayaning cangkang kemasan kopi anu diseduh saban poe. Babari we tina tong sampah teh di ka walungankeun.
Pikeun urang nu saladar kudu bisa nyadarkeun nu can sadar kana pentingna beberesih lingkungan, kudu nyontoan kanu encan boga kasadaran yen runtah teh kudu bisa dimangaatkeun. Didieu peran penting pengepul rongsokan runtah runtah plastik nu bisa di daur ulang bisa dikumpulkeun dikilokeun dijual ka tukang rongsok. Pikeun nu sejenna bisa di beuleum lebuna pikeun pepelakan. Dimah imah sadiakeun dua tong runtah organik jeung anorganik, nu bisa buruk pisahkeun jeung nu teu bisa buruk contona plastik. Pihak pamarentah tingkat desa geus waktuna pikeun nyadiakeun tempat bubuang runtah ahir, atawa pameuleuman runtah anu geus dilaksanakeun di sawatara desa nyieun tungku tempat meuleum runtah. Upama dinu kariayaan atawa hajatan bentuk seksi kebersihan anu nyangkut ngaberesihan runtah , dina helaran ge kudu aya pangagungjawab miceun runtah, di desa aya seksi urusan kabersihan. Cag Ah Pikiraneun !! (Abah Gaul/Abah Gejul)