Redaksi
Selasa, 9/14/2021 09:31:00 PM WIB
BabalagonjanganBabaledoganHeadline

Kahade Ulah Jadi Runtah

Advertisment
(Abah Gaul/Abah Gejul)

Lamun ngadenge kecap runtah tangtu matak pigeuleuheun. Sabab kangaranan runtah mah identik hiji barang anu taya gunana, iwal ti kudu dikubur, dipiceun atawa dijieun gembuk eta ge mun bisa ngokolakeunana. Eta mah rek nu disebut runtah tina bahan organik atawa bahan sejenna, kangaranan runtah mah pikarudeteun we. Komo kiwari mapag usum rendeng (hujan) mun aya runtah ngagumuk dihiji tempat, apanan matak ngahudang panyakit tur ngabalukarkeun pencemaran lingkungan nu aya di sabudeureun urang.

Eta teh kakara ku runtah organik, komo lamun di lembur urang aya runtah anu bahanna lain tina dangdaunan atawa tina bahan sejenna. Tangtu bakal leuwih ti rudet, malah sok harese miceunna. Aya saleuheung runtah organik bisa keneh dikokola, dijieun kompos anu gede mangpaatna keur kapentingan patani atawa kahirupan balarea. Naha aya kitu runtah anu matak pirudeteun batur? Disebut euweuh da aya, meh di unggal wewengkon sok aya bae anu kaasup katagori runtah atawa sampah ngandung harti kiasan.

Numutkeun Abah, kangaranan sampah atawa runtah, lamun teu bisa ngokolakeunana tangtu bakal sareukseuk atawa rudet kadelehna. Komo lamun di wewengkon urang aya anu katelah sampah masarakat, da eta mah geus taya uruh-araheunana. Rek dibebener sok asa pangbenerna, ari diantep pirudeteun, dibere bongbolong lain ge ngucapkeun hatur nuhun, kalah ka malikan ka urang. Antukna jeung teu nimbang pimatakeun antukna diantep karep, tara aya nu urup-open.

Tah runtah eta matak piijideun batur anu katelah sampah masarakat tur harese ngabebenarna. Nu disebut sampah masarakat lain ukur jalma biasa dalah anu sugih ku pangarti, jembar ku pangabisa oge lamun kaasup kana katagori sampah masarakat moal aya ajenna ku saha bae. Bisa bae jalma pinter anu luhung ku emlu tur kaceluk ku kapinteranana, tapi aneh abus kapangberokan (asup bui). Cik kira-kira pedah naha? Mungkin eta jalma ngagugulung bae hawa napsu anu matak ngarugikeun nagara katut bangsana, antukna keuna ku OTT tepi ka abus bui. Tah nu model kitu ge kaasup sampah masarakat nu taya regana dimata balarea, sumawona ditilik tina hukum nagara katut agama.

Numatak kahade anaking-adi-ing, Abah rek wasiat, ulah kasorang kapanggih hirup jadi runtah atawa sampah masarakat. (Abah Gaul/Abah Gejul)