Redaksi
Jumat, 3/25/2022 06:34:00 AM WIB
BabalagonjanganBabaledogan

CORONA GEUS MEH SIRNA PASARAN APUNG-APUNGAN

Advertisment

Kangaranan panyakit geus nerap mah hese leungitna, enya kaalaman ku urang sarerea kiwari kabandungan nu disebut Corona alias Covid19 nerekab ka sakuliah dunya aya kana dua taunna. Musibah sasalad Corona nu karandapan karasa pisan nyangsarakeunnana urang sakabeh, teu cacah kuricakan teu menak geledegan loba jalma keulat Corona. Rahayat pangeusi nagara katalangsara, malah sapangeusi dunya lir ibarat hayam panyambungan.

Pemerintah boh pusat boh pamarentah daerah teu cicingeun rancinges ngungkulan balukar Corona utamana ka rahayat ekonomi lemah. Teu dipungkir ku abah ge, salila nerekabna Corona pamarentah tihothat ngungkulan bancang pakewuh sarupa ieu. Mangrupa-rupa bantuan datang ka rahayat, lain ukur rahayat miskin nu koreh-koreh cok saperti abah, dalah saluhureun abah oge aya nu meunang bantuan mangrupa bantuan langsung tunai, sembako atawa bantuan keur modal usaha leuleutikanan.

Pikeun nyegah sangkan jalma-jalma sarehat kabeh disaruntik vaksin ngarah kebal ku panyakit nu nelah Covid19. Eungkeut-engkeut sarehat, der teh ibur minyak goreng ngiles di pasaran, atuh puguh we karasa ripuhna kudu nataran ka saban toko/warung sembako. Nu ieu kosong nu itu kosong. 

Abah kungsi nyaba ka kota ku si Nini dititah balanja minyak goreng, tapi weleh teu manggihan. Di pasar ngadon kukulibekan neangan minyak goreng nyamos. Handeueul wae nu aya, tapi najan kitu abah teu eleh geleng minyak goreng ngiles oge, der weh mirun seuneu dina hawu di saung ngadon siduru. Bari malaweng ngaraga meneng nenjo ambarayah kalapa di kolong raranjangangan. 

Emh……mending meletik kituh ? Ah teu talangke der weh kalapa teh dipesekan terus diparud ngahaja nyieun minyak nu disebut meletik tea. Heuheuydeuh abah ngalaman meletik deui.

Dua kajadian nu kaalaman kiwari boh Corona boh langkana minyak goreng sabenerna mah teu dipiharep ku urang teh. Tapi dalah dikumaha kajadian sarupa kieu kudu kaalaman. Nu penting mah sabar tawekal bari jeung ihtiar narekahan ieu kajadian sarupa. Nu dilaluhur timimiti sosialisasi Corona atawa Covid 19 nepi ka nyegahna katut nartibkeun kaum spekulan nu nyamunikeun minyak goreng teu eureun. 

Keur eungkeut-eungkeut mulihkeun ekonomi lantaran Corona geus meh sirna, ari der teh pasaran apung-apungan, hahargaan ngajaul naraek, boh sembako boh dagangan lianna. Nu nandangan balukarna ukur rahayat leutik nu koreh koreh cok, nu hirupna lubak libuk rea ketan rea keton loba dunya mah moal bet karaseun morosotna ekonomi teh, moal ngarasa lieur neangan pangupa jiwa. Moal ngalaman hese nyiar kipayah. Lieur…lieur neangan sahuap sakopeun. dekumahana ge….!!!!

( Abah Gaul/ Abah Gejul )