Advertisment
Dina kahirupan sapopoe mindeng ngadenge nu disebut laporan. Maksud teh laporan hasil kagiatan atawa pagawean anu geus dilaksanakeun. Lembaga/instansi boh swasta atawa pamarentahan ti lembaga/instansi/organisasi nu panghandapna geus jadi kawajiban ngalapor kanu saluhureunana, wujud laporan teh mindeng kapanggihan lolobana pikeun ngangeunahkeun dunungan.
Rupa-rupa wujud laporan teh antara bae laporan mingguan, laporan bulanan jeung kadituna duka naon disebutna. Hiji lembaga boh sipatna formal atawa non formal kacida pisan mentingkeunana kana naon nu disebut laporan teh. Ti lembaga panghandapna laporan ditepikeun ka nu pangluhurna sacara rutin wajib dilaksanakeun. Kaasup lembaga/badan swasta, intansi pamarentahan miboga pancen nyieun laporan sacara rutin ngeunaan kalumangsungan kagiatan lembaga swasta atawa instansi pamarentah kasebut. Tujuan nyieun laporan teh ambeh bisa ngevaluasi naon-naon kagiatan sapopoe nu geus dipigawe, kakurangan atawa kamajuanana hiji lembaga bisa tembong liwat laporan.
Wujud laporan teh dijieun lolobana dijieun sacara tinulis, jaman baheula mah ditulis ku leungeun mani rapih, kabehdieunakeun diketik malah nepi ka dijilid sagala. Kiwari jaman komputer diketik ku komputer dibukukeun sacara manual. Lian ti eta aya oge nu di kirim sacara online. Rupa-rupa laporan dijieunna teu padu wae, tapi merlukeun pertimbangan mateng, sangkan eta laporan teh bisa ditarima. Nyieun laporan teu gampang kitu-kitu wae, merlukeun hiji pemikiran jeung kaparigelan. Laporan kudu didukung ku bukti pisik anu aya pakaitna jeung kagiatan sapopoe. Lumangsungna kagiatan sapopoe lembaga formal / non formal, lembaga swansta instansi pamarentahan teu leupas jadi bahan pikeun hiji laporan.
Nu kabandungan ku abah, kalolobaanana laporan teh kabeh ge ngalusan, beh dituna nu dipalar atasan bungah. Laporan direka-reka malar siga dipapayus malar alus dipasieup malar eunceup, antukna laporan ditarima.

Nilik laporan sarupa kitu kiwari mah hese, lantaran kahirupan geus robah, tadina jaman tradisional robah jadi jaman modern alias jaman canggih jaman globalisasi. Bungkeuleukan atawa wujud laporan bisa dikirim liwat media online.
Laporan bawahan ka atasan, boh swasta sok sumawona lembaga/instansi pamarentahan ti handap ka luhur kiwari mah transparan, ngandung harti laporan kasebut bisa arapaleun kabeh oge. Era globalisasi geus ngarobah tatanan kahirupan anu leuwih canggih jeung terbuka. Kukituna nu dipalar nyieun laporan ulah ukur nyenangkeun nu dilaluhur. Naon sababna? lantaran laporan teh pikeun ngevaluasi atawa maluruh kagiatan nu geus dipigawe, naon kakurangan jeung kaleuwihan nana dina ngalaksanakeun program kinerjana hiji lembaga/instansi. Dipalar ka hareupna bisa dironjatkeun anu leuwih hade. Laporan mah mending saujratna ngarah kagiatan kinerja bisa dihadean. Laporan ulah boga udagan pikeun nyenangkeun dunungan atawa ukur Asal Bapa Senang (ABS). Cag Ah..Hampuraeun!
( Abah Gaul/Abah Gejul )
( Abah Gaul/Abah Gejul )