Redaksi
Senin, 3/25/2024 11:22:00 PM WIB
BabalagonjanganBabaledoganHeadline

Ngabuburit Bihari, Ngabuburit Kiwari

Advertisment

Ku : Abah Andy Gumilang, S.Pd


Bulan puasa waktu Abah keur budak kacida diarep-arepna, sabab bulan puasa mah beda jeung bulan sejenna, aya rasa bungah nu nyangkaruk dina ati. Saperti acara ngahudangkeun saur, acara ngabuburit jeung lebaran. Ngabuburit waktu Abah keur leutik mangrupa acara maneuh nganti-nganti buka puasa. Barudak ngadon arulin di buruan anu lalega atawa di alun-alun. Kangaranan barudak di pilemburan harita, ngabuburit teh tara kaliwat, komo mun hade poena, wanci panon poe tunggang gunung barudak lir nu murag bulu bitis alias teu ngeunah cicing di Imah.

Ngabuburit bihari (baheula) jaman Abah budak perenahna di alun-alun. Sabab patempatanna lega tur laluasa, deukeut ka masjid ongkoh, sora bedug atawa kohkol eces kadengena mun seug waktuna buka. Di alun-alun barudak oroces, aya nu ucing sumput, eleng-elengan, odot-odotan, boy-boyan, engklek, jarlu jeung kaulinan barudak lianna. Haraneuteun puguh ge di alun-alun ku barudak nu keur ngabuburit teh. Barudak laleutik nepi ka budak rumaja, malah jalma karolot ngumpul di alun-alun pasosore arulin nganti-nganti wanci magrib buka puasa.

Kiwari pajamanan geus robah ngabuburit teh beda jeung baheula, boh di alun-alun boh di jalan kasimpangan tara manggih barudak anu ucing sumput, engklek jeung kaulinan barudak lianna, nu nyampak barudak teh ukur carandukul di hareupeun bale atawa di jalan kasimpangan tungkul ngarome hp. Barudak ngabuburit kiwari mah marawa hp, aya nu nyetel vidio, aya nu maraen games, aya oge yutuban, rehe carandukul henteu oces.

Teu bisa dipungkir, geus jadi kanyataan ku robahna jaman, kaasup ngabuburit bihari jeung kiwari. Ngabuburit bihari kari panineungan. Teu bisa nolak datangna jaman tehnologi hp, nu pasti aya pangaruh positif jeung negatif. Salaku kolot boga tanggung jawab, ngatik ngadidik tur nalingakeun barudak nu anteng carandukul maen hp. Ulah aya kecap keun teuing padu anteng wae. Kudu inget kana pangaruh negatif nu baris nerap ka barudak. Baheula mah mun di geroan lalaki nembalna, Kulaan....!!, awewe, nembalna kaah....!!!!

Abah sok rarajeunan ngagereoan barudak nu carandukul ngome hp, ih tara ieuh gancang nembalan, anggur tonggoy wae ngarome hp teu malire nu ngageroan. Karek nembalan teh mun digeroan tarik jeung sababaraha kali, kitu ge nembalna ku ...kecap heuy....naha, atawa heuh......langka nu nembal kulan (lalaki), kah (awewe). Cag ah ....pikiraneun !!!!!


( Tapensayong 2024 )