Advertisment
Ku : Abah Andy Gumilang, S.Pd
Dina bulan Ramadhan aya kagiatan nu maneuh lian ngalaksanakeun ibadah wajib saum (puasa) boh di lembur boh di kota aya oge kagiatan sejenna, salah sahiji diantarana nyaeta acara ngahudangkeun saur.
Kagiatan nu kalolobaannana dilaksanakeun ku para rumaja ieu teh beunang disebutkeun geus jadi kabiasaan atawa bisa oge disebut tradisi, lantaran geus aya ti beh dituna keneh. Baheula waktu Abah masih rumaja, jeung babaturan dina bulan puasa teh carang sare di imah sok ngadon ngaguher tibra di tajug. Sarengsena miluan tadarusan sok ngagoler sare di tajug, najan ngagoler ukur ditilaman ku samak mendong sarta teu dianggel ge jaman keur budak mah resep wae nu aya.
Kira taun tujuh puluhan waktu masih keneh rumaja boga rombongan husus ngahudangkeun saur. Inget keneh wanci janari gede antara jam 12 jam - 02 ( tengah peuting ) samemehna Abah jeung sabalad-balad karumpul heula di pos ronda, geus karumpul mah der weh taretembangan dipirig ku sora kohkol, dogdog katut alat kesenian sejenna ditarabeuhan ngawirahma. Jaman harita mah jaman sarwa walurat encan aya listrik, ukur make obor (corong tina awi tamiang), reremena mah sok popoekan mapay-mapay gang, jalan satapak bari nabeuh kohkol, dogdog tetembangan lagu kaulinan barudak oyong-oyong bangkong, jaleuleuja, ayang-ayanggung, tokecang jeung sajabana mani opyak rame pisan.
Tanghi.....tanghi...Saur...sauuur................salalauuur.....sauuuur.....! Kituna teh bari leumpang ngider di tempat padumukan warga, parat nepi ka waktuna dahar saur.
Kiwari geus jaman modern, kagiatan ngahudangkeun saur teh estu matak kataji, lian ti make alat tatabeuh tradisional oge diwuwuh alat elektronik saperti seperangkat sound sistem jeung alat musik diantarana gengring, tamtam, hitar elektrik jeung sajabana atuh puguh wae beuki leuwih rame. Barudak ngora atawa kaum rumaja nu kreatif ngalaksanakeun kabiasaan ngahudangkeun saur narembang rupa-rupa lalaguan anu resep kadengena. Gabungan alat musik tradisional jeung modern ngawirahma pisan kadengena teh, haraneuteun pokona mah.
Ku ayana kagiatan anu kawilang hade ieu Abah pesen hususna ka kaum rumaja peupeujeuh acara ngahudangkeun saur ulah dileungitkeun. Saban-saban bulan Ramadhan ( bulan puasa ) laksanakeun luyu jeung etika kabiasaan di lingkungan satempat.
Lian ti eta kasakabeh warga saupamana pungkas bulan puasa sesakeun rejeki pikeun mere sodakoh ka group ngahudangkeun saur tea. Ulah owel mere duit atawa beas mun aya nu nataran ngider bari taratabeuhan. Eta barudak teh kacida berjasana sabulan menteyeng ngalaksanakeun kagiatan ngahudangkeun saur. ( Cag ah ...!!! Lembur singkur 2024 )