Redaksi
Jumat, 9/17/2021 04:41:00 PM WIB
BabalagonjanganBabaledoganHeadline

Bahasa Kirata Politik Jeung Pulitik

Advertisment

Subuh keneh Abah nyetel Tipi anu dibewarakeun teh teu lesot tina berita pulitik atawa politik. Paingan ayeuna mah rea jalma pinter kana urusan pulitik atuda sarana komunikasi jaman kiwari lain ukur keur urang kota. Dalah urang kampung bau lisung, cacah rucah atah warah, cek paribasana, ayeuna mah rera nu ngarti kana urusan pulitik teh. Beda jeung jaman Abah, jaman tai kotok dilebuan, nu ngolotok kana urusan pulitik teh ukur para intelektual nu aya di puseur dayeuh (ibu kota).

Tapi keur Abah mah lamun ngabandungan dunya pulitik, asa menit (rieut). Kumaha teu matak menitna geura, bahasa pulitik mah beda jeung itungan matematika. Dua ditambah dua lain opat, opat ditambah opat lain dalapan jeung saterusna. Tapi dina urusan pulitik mah bisa bae, dua kali dua teh bisa dalapan atau bisa sapuluh, kumaha cek kahayang maranehanana. Nu matak Abah mah ti ngongkoak tepi ka ngungkueuk teu daek kataekan ku urusan pulitik teh. Atuda can kaawakan tea meureunan, beda jeung barudak alam kiwari, mani capetang tur pertentang upama nyaritakeun urusan pulitik teh.

Nu matak golongan Abah mah teu bisa rek pupulitikan teh, ari ngadengekeun mah mindeng, lebah rek milu nyarita sok asa heurin ku letah. Lain embung gaul atawa icikibung dina urusan pulitik, tapi bisi kacaletot omong, tisoledat letah. Leuheung basa aya kasebutna, tiguling tina gawir aya obatna. Lebah tiguling tina biwir atawa tisoledat tina letah, apanan euweuh ubarna. Mending ngajedog sakirana pimatakeun mah. Kitu lain?

Eta ge aya nu nanya ka Abah. Naon bedana atawa hartina pulitik jeung politik? Ku sabab Abah mah lain jalma pulitik atawa politik nya dijawab bae luyu jeung sakanyaho sorangan. Cek basa kirata (dikira-kira tapi nyata), conto hartina lega; (teu kalegleg ku naga), jelma (teu jejel mah can sampurna) jeung rea-rea deui. Pon kitu dina bahasa kirata aya nu nyebutkeun, Pulitik (nipu kanu leutik), ari politik (poho kanu leutik). Nu matak mun can kaawakan ulah sok pupulitikan atawa popolitikeun, sabab bisi aya mamalana anu matak kaduhung ahirna. (Abah Gaul/Abah Gejul)