Redaksi
Senin, 4/15/2024 04:42:00 PM WIB
BabaledoganHeadline

Mikabutuh Informasi Katut Berita, Tapi Ulah Gampang Ngirimkeun Kitu-kitu wae

Advertisment

Ku : Abah Andy Gumilang, S.Pd


Kamajuan kahirupan teh beuki dieu beuki karasa utamana widang tehnologi informasi jeung komunikasi, kaasup widang transportasi. Baheula keur jaman Abah budak rek ka kota teh ngadon ngadaplak mapay jalan satapak lantaran anggang ka kota. Kadieunakeun mah cukup megat di jalan gede muru ka kota teh babari, najan ukur naek mobil colt bak atawa colt buntung oge. Kaasup widang informasi jeung komunikasi harita mah hese beleke, nu ngaranna informasi jeung berita ukur bisa tina radio nu geus ditangtukeun waktu siaranana.

RRI Pusat Jakarta nyiarkeun warta berita jam tujuh isuk katut jam tujuh peuting disiarkeun sacara sentral. Inget keneh penyiar nu macakeun berita tur sorana hade pisan antarana bae, Hasan Ashari Oramahi, Sasmirais, Olan Sitompul jeung rea-rea deui. Jaman harita urang lembur nyaretel berita liwat pesawat radio transistor merk sanyo, telesonik, sakai, bari jeung di lembur mah pesawat radio teh langka, beunang diitung ku ramo. Siaran berita mangrupa berita regional,nasional jeung internasional.

Nyampakna kamajuan tehnologi, urang bisa ngamangfaatkeun alat informasi jeung komunikasi kasebut kalayan bebas. Warta berita, informasi, komunikasi jeung sajabana bisa gancang katarima ngaliwatan internet. Contona media massa online, mangrupa surat kabar atawa koran online, sarta media sosial (medsos) bisa gancang katarima atawa katampa liwat pesawat hp android. Kiwari jalma-jalma kalayan bisa nyieun warta nu sifatna informasi liwat media sosial (Medsos).

Lumasungna kabebasan ngagunakeun internet hartina urang sakabeh tetep merlukeunana informasi atawa warta berita boh liwat media massa cetak, media massa elektronik katut media online kaasup media sosial. Nurutkeun Abah kulantaran pribadi-pribadi bisa nyieun berita (warta) liwat medsos informasi, warta berita nu katarima teh henteu sakabeh positif, tangtuna oge aya nu negatifna. Sanajan urang parahi mikabutuh berita, dina ngedarkeun eta informasi jeung warta berita teh saestuna merlukeun katalitian, diilo disaring heula, ulah gampang ngirimkeun kitu-kitu wae. Sarua tina media massa (mass media) online oge urang kudu wijaksana dina ngedarkeun eta warta teh, bisi warta ngawadul (berita bohong/hoax). Nu baris ngabalukarkeun hal-hal nu teu dipiharep ku urang sarerea. Cag Ah ( Tapensayong mangsa usum hujan 2024 )